Text
Si Mamih
Ngaran panjangna mah Mamih Dewok. Sapopoéna disebut Si Mamih. Awakna bayuhyuh, teu matut, paripolahna sakapeung mah minculak. Tapi loba nu resepeun. Mun seug boga pangawakan lenjang, Si Mamih téh éstuning keur “meumeujeuhna”. Si Mamih mah bisa mancala putra-mancala putri; sakapeung jadi parawan, sakapeung geus boga budak, sakapeung jadi… randa. Sapopoéna kawas tara ganti baju, angger wé maké nu totol-totol hideung. Saha ari bapana? Saha deui atuh, lamun lain Édyana Latief Karung, kartunis nu gambar-gambarna remen dimuat dina média massa Sunda.
YPII0004156SMATRI | 741.5 LAT s | Perpustakaan SMA Trinitas Bandung | Tersedia |
YPII0004157SMATRI | 741.5 LAT s | Perpustakaan SMA Trinitas Bandung | Tersedia |
Tidak tersedia versi lain