Text
Be'ntang Lapang
Pangling pisan cenah nénjo Kadir teh. Kitu ceuk hiji batur kuring nu geus lila ninggalkeun lembur, pindah ka kota séjén. Pangahirna nénjo Kadir maén téh baréto basa mémèh cilaka. Nyaho éta budak ngaringkuk dirumah sakit ogé ceunah ukur ceuk béja baé wungkul. Ari ayeuna, sataun ti sangges Kadir maén bal deui kalawan enya-enya diasuh ku Basri. Manéhna lalajo, pangling pisan pokona. Geus pohara majuna budak téh. Ayeuna mah enyaan geus méh asak ceunah budak téh.
Lain wungkul dina harti tehknik maen bal, atawa dina widang pangabisa pribadi cenah katembongan maju na Kadir teh, tapi jeung dina paningalna kana permaénan sagemblengna ditengah lapangan. Geus bisa nuduhkeun kumaha kuduna. Geus bisa maca permaénan. Da henteu unggal béntang lapangan nyaho kana permaénan sagemblengna aya nu ngan ukur nyaho kana maén sorangan wungkul, bari teu boga paningal kana sagemblengna nu kajadian.
YPII0004178SMATRI | 899.223 RAF b | Perpustakaan SMA Trinitas Bandung | Tersedia |
Tidak tersedia versi lain