Text
Kole'bat Kuwung - Kuwungan Kinasih Katumbirian
Kolébat Kuwung-Kuwungan Kinasih Katumbirian bisa mawa perasaan urang ancrub kana éta carita. Sanajan aya ogé rasa kakeuheul ka Buntari ku ogoan, tapi di ahir carita si pangarang bisa méré kesan anu éndah di hate nu maca. Ku kituna, urang moal bisa ngarasakeun kaéndahaan carita iwal ti maca langsung ieu novel.
Tapi, ieu novel téh ngagunakeun basa Sunda campuran jeung basa Indonesia. Asa kurang merenah lamun basana diselapan mah. Jeung deui rada ngurangan nasionalisme na kana basa urang. Sanajan kitu ogé angger éndah, lantaran caritana méré kesan yén ieu carita modern saluyu jeung kaayaan rumaja jaman ayeuna.
Novel Kolébat Kuwung-Kuwungan Kinasih Katumbirian bisa méré inspirasi ka urang jeung méré pangajaran moral anu geus luntur dina diri bangsa urang, utamana urang salaku urang Sunda
YPII0004199SMATRI | Perpustakaan SMA Trinitas Bandung | Tersedia |
Tidak tersedia versi lain